Lamun urang ngabahas Tukang atawa patukangan dina bahasa sunda, pasti urang bakal nyangkut kana pagawean-pagawean anu tos ilahar di lakonan di perkampungan, sanajan lolobana patukangan teh geus jarang di lakonan,sabab. jaman geus modern
- Anjun = Tukang nyieun parabot tina taneuh
- Bujangga/pujangga = Tukang nyieun/nulis carita
- Candoli = Tukang Ngajaga Pabeasan Dinu hajat
- Gending = Tukang Nyieun parabot tina kuningan
- Kabayan = Tukang dititah kadieu kadieu
- Kemasan = Tukang Nyieun perhiasan tina emas
- Kuncen = Tukang ngurus kuburan atawa tempat karamat
- Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan
- Malim = Tukang meruhkeun sato galak
- Marangi = Tukang nyiuen sarangka keris
- Nyarawedi = Tukang Ngagosok Permata
- Pakacar = Tukang ngaladenan/ Bubujang/Pembantu
- Palendang = Tukang ngieun parabot tina tembaga
- Palika = Tukang teuleum/Tukang ngala lauk
- Pamatang = Tukang moro ngagunakeun tombak
- Pamayang = Tukang ngala lauk di laut
- Panday = Tukang nyieun parabot tina besi saperti " bedog,pahat,pacul jeung rea deui"
- Paneresan = Tukang Nyadap
- Paninggaran = Tukang moro ngagunakeun bedil
- Sarati = Tukang ngusir/meruhkeun gajah
Tah eta diantarana patukangan patukangan dina bahasa sunda
Advertisement