Bagian Anggaota Anu Aya Dina Sirah (kepala)

Wilujeng tepang deui para pangunjung satia di situs Sundalang situs kanggo para pengunjung tiasa Belajar Bahasa Sunda. dina postingan ieu admin bade ngabahas bagian-bagian anggota nu aya dina sirah nu tangtu para pengunjung kedah apal kana bagian-bagiana tangtuna dina bahasa sunda.

bagian-bagian anggota nu aya dina sirah

Bagian-bagian anggota nu aya dina sirah seu'eur pisan namina, kumargi kitu mangga urang tataan hiji-hji malah mandar urang moal poho deui kana naon hal nu aya dina sirah ieu

Buuk ( Rambut ) = Bulu anu aya dina luhur sirah.
Huis ( Uban ) = Buuk anu warnana bodas, biasana nandakeun nu geus kolot.
Embun-embunan (Ubun-ubun)  = Tulang  anu aya di tengah – tengah sirah di luhureun tarang.
Kulincir = Tengah – tengah sirah ( puseurna buuk) jumlahna hiji, tapi kadang aya anu nepi ka lima na.
Buntut Kasir = Tungtung buuk anu ngucir saeutik anu ayana dina paleubah punuk. Buntut kasir sok di paribasakeun anu pelit.
Amis cau = buuk anu laleuleus biasana sok aya dina tungtung jadina buuk saperti dina tarang atawa punuk.
Beungeut (muka ) = Sirap bagian hareup
Tarang (kening ) = Bagian bengeut anu ayana di luhur. Antara halis jeng tungtung jadina buuk.
Panon ( mata ) = bagian bengeut di handap tarang, kaasup panca inra guna na kanggo ningal.
Irung ( Hidung ) = Bagian beungeut ayana antara panon sareung biwir, gunana kanggo ngangseu sareung nafas.
Baham ( mulut ) = bagian beungeut antara irung sareung gado, gunana pikeun dahar, jeung ngomong.
Gado ( Dagu ) = Bagian beungeut anu aya bagian handap, lamun di pameugeut tempat tumuwuhna janggot.
Palipisan (pelipis) =  Bagian beungeut anu aya antara panon sareung celi.
Pipi = bagian beungeut anu aya di sisi kenca katuhu.
Ruruncang = bagian beungeut nu ngalegok antara biwir jeung irung.

Ceuli = bagian anggaota sirah bagian sisi anu aya di kenca katuhu sajajar jeung panon. Bagian tina panca inra anu gunana kanggo ngadangu.
Bagian-bagian anu aya dina ceuli :

  1. Daun ceuli = Bagian luar tina ceuli bentukna saperti daun atawa supa.
  2. Puhu ceulu = bagian daun celi kapuhuna anu nempel jeng sirah.
  3. Liang ceuli = liang anu aya dina ceuli.


Panon

  1. Halis = bulu anu jadi luhureun kongkolak panon ( dina tungtung tarang ) bagian handap.
  2. Kongkolak panon = Bagian  anu ngalegok dina tulang beungeut handapeun halis, gunana na tempat panon.
  3. Bulu panon + Bulu anu jadi dina tungtung kongkolak panon gunana pakeun ngajaga panon tina anu matak ngabahayakeun kana siki panon saperti kebul jsb.
  4. Siki panon = bagian bubuledna panon anu bisa nempo.
  5. Siki panon bobodasna = bagian siki panon anu warna bodas.
  6. Siki panon hihideungna = bagian siki panon anu warna hideung.
  7. Juru panon = bagian anu aya di tungtung biwir panon .


Irung

  1. Cukang irung = bagian irung pang luhurna nepika nu ngalegok handapeun tarang.
  2. Tungtung irung = bagian irung anu nyungcungna.
  3. Liang irung = liang dua anu aya dina irung.
  4. Bulu irung = Bulu anu aya dina jero liang irung.


Baham

  1. Biwir = Bagian luar tina baham, nu luhur jeung nu handap
  2. Huntu = paranti ngegel nu jadi dina gugusi.
  3. Careham = huntu anu aya di bagian sisi, kencakatuhu, paranti nyapek / ngaleumeuskeun dahareun.
  4. Letah = bagian baham paranti ngabulakbalik dahareun, ngalancarkeun (ngarah jelas) nyarita, oge jadi bagian tina panca inra nyaeta ker ngarasakeun rasa, saperti pait, amis, asin, jeung sajabana.
  5. Gusi = daging tempat tumuwuh na huntu.
  6. Elak-elakan = cecentel dina tungtung lalangit, luhureun tikoro.
  7. Lalangit = kulit baham anu bagian luhur. 




Advertisement
Bagian Anggaota Anu Aya Dina Sirah (kepala)