Ngaran Istilah Anu Patali Jeung Tatangkalan

Ngaran Istilah Anu Patali Jeung Tatangkalan - Loba pisan istilah - istilah dina bahasa sunda, saperti istilah patukangan, istilah pagawean, istilah itungan jeung rea-rea deui.
Tah dina waktu ieu simkuring rek ngabahas istilah anu patali jeung tatangkalan anu sok dipake dina obrolan sapopoe, alus pisan keur nambahan kosa kata anu masih diajar bahasa sunda.


Ngaran Istilah Anu Patali Jeung Tatangkalan

Balukang = palapah kawung
Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna
Bongol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)
Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar
Dadangklok = palapah daun kalapa
Gebog = palapah daun cau anu garing anu ges di piceun dauna
Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)
Kacamah = bibit kacang nu kakara kaluar tina jero taneh (toge)
Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)
Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing
Kitri = anak tangkal kalapa anu can di pelakeun
Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemeh tepi ka taneuh)
Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)
Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing
Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak
Pucuk / punceur = tutung atawa congo tatangkalan
Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung
Regang = dahan kai atawa awi nu leutik anu ges murag dauna
Sintung = kemang kalapa atawa jame anu kakara kaluar (can mekar)
Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis
Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Bacaan Sejena : 
Kumpulan Carita lucu bahasa sunda
Ungakapan Dasar bahasa Sunda yang sering digunakan

Pentil:
Pentil buah = pakel
Pentil jagong = semi
Pentil kalapa = baruluk
Pentil nangka = tongtolang

Buah Ngora:

Buah (pakel) = meujeuhna rumangu
Cau = meujeuhna rumegang
Gedang = meujeuhna gumading
Hiris (keceprek)
Jengkol = meujeuhna lumiat
Hui = meujeuhna sumagol
Kalapa (cengkir)
Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho
kalapa = sumodok (meujeuhna di sodok)
Nangka (ketewel)
Tangkil = meujeuhna dumewegan

Ngaran buah anu teu di sebut tangkalna :

Buah asem = kamal
Buah jambe = jebug
Buah kawung = caruluk
Buah kiray = langgoko
Buah teureup = benda

Incoming Search Article : 


  • bahasa sunda sehari hari
  • bahasa sunda halus
  • percakapan bahasa sunda dan artinya
  • belajar bahasa sunda dan artinya
  • jagong ngora disebutna
  • istilah bungbuahan
  • boros koneng temen disebutna
  • buah kawung disebutna
  • jambe kolot disebutna
  • boros awi disebutna
  • usum rambutan antara bulan
  • boros koneng disebutna

Advertisement
Ngaran Istilah Anu Patali Jeung Tatangkalan