Pedang Bayangan Sukma | Seri Talaga Warna Bag 8

Judul Pedang Bayangan Sukma
Seri : Talaga Warna
Karangan: Lasmi Indri
Bag. 8

   Saheulaanan para jawara ngayakeun rundingan pikeun maheutkeun saha nu payus jadi Tetua Tarate Emas gaganti Ki Bajil. Nya meunang sababaraha lila rundingan antukna aya kacindekan lamun Nyi Ageng Giriwangi widadari panglebur nyawa jadi Tetua anyar TARATE EMAS.

   Mimitina Nyi Ageng nampik tapi kasereg ku desekan tipara Jawara antukna narima. Pamustungan dina waktu éta kénéh Nyi Ageng Giriwangi diistrénan jadi Tetua Gempungan Tarate Emas.

Nyi Ageng anu geus jadi Tetua anyar laju cumarita kasaréréa nu araya di dinya.


   "Ngahaturkeun nuhun ka para sadérék sadaya anu parantos mercantenkeun tampuk Tetua ka diri abdi, anu sok sanaos abdi ngaraos teu acan loyog upami janten pamimpin para guru-guru sadaya, kumargi kadesek ku perkawis hal kiwari nuju genting, urang candak enggalna waé abdi nampi ieu kapercantenan supados réngsé sagala urusan "

  Nyi Ageng Giriwangi ngabagi paneuteupna ka nu araya di dinya, sedengkeun para jawara ngaregepkeun. Nyi Ageng nyambung caritaanana.

   "Ngeunaan leungitna sapalih para jago mémang janten hal anu kedah énggal diréngsékeun. Sabab jalma nu ngalakukeun mémang can katohyan saha-sahana sareng maksud tujuanana "

  Réngsé kitu ki Barja ngacungkeun leungeun ménta idin pikeun milu cumarita, Nyi Ageng ngarérét tulus ungek nyaluyuan. Geus aya idin kitu Ki Barja muka carita

   "Hatur nuhun ka Tetua Nyimas anu parantos masihan waktos cumarios ka pribados, upami numutkeun pamendak abdi saatos ningal para korban sarta nu sanésana abdi tiasa nyimpulkeun yén aya saurang jalma anu neundeun dendam ka Anggahota Tarate Emas ."

  Ngadéngé kitu sawaréh para jawara jadi beuki kataji kana katerangan ki Barja

  "Mangga lajeng Ki Barja" Ceuk Nyi Ageng.  ki Baraja cumarita deui

    "Sakali deui abdi tiasa nandeskeun,  aya saurang jalma anu neundeun ceuceub sarta dendam ka Gempungan Tarate Emas, salami ieu para jawara anu jadi korban  kaseueueuran ti pihak Tarate Emas, Ki Sujati, Nyi Kidawuni ayeuna Ki Bajil aranjeunana sadayana aggota gempungan urang "

  Sakedapan ki Barja narik napas panjang bari ngabagi paneuteupna, geus kitu nuluykeun caritana

   "Ku hal éta urang tiasa nyimpulkeun jalma anu ngalakukeunana mémang aya hubunganana sareng gempungan urang "

   "Tapi numutkeun wartos nu sanes para korban ogé aya sapalih ti Gempungan Lian nya éta ti Gepungan Kancra Paksi ti pakidulan" Timpah saurang Jawara Lodaya Geni. Ki Barja ngarérét ka manéhna bari nyarita

   "Ki Lodaya ! Mémang leres naon anu kusalira nembé dicarioskeun. para korban téh sanés ti gempungan urang wungkul tapi ti gempungan pakidulan ogé aya. Ceuk béja Si Gagak Ronga ti pakidulan sami janten korban ogé , ngan pédah éta mah sataun ka pengker waktos anjeunana maluruh ka Talaga warna, ngan anu jadi hal tanda tanya satiap korban anu leungit bakal dicirénan ku kalakay aya tulisan"  Ki Barja ngudalkeun pamanggihna sacara panjang lebar

   Sajonjonan Para jawara can aya nu mairan, kabéh katingali ting haruleng can aya nu bisa mukakeun lalangsé masalah anu kiwari keur disanghareupan.

   Teu lila Nyi Ageng Giri wangi cumarita ditujukeun ka saurang jawara kahot nya éta Nini Rampe

   "Nini ! Di gempungan Tarate Emas  mung salira anu kawilang pangkahotna, legok tapak genténg kadék sarta tos weureu seubeuh makalangan di alam kajawaraan, numutkeun salira kumaha ngeunaan masalah nu kiwari nuju

kaalaman ku urang. Naha Nini gaduh pituwah kanggo ngarengsekeun ieu masalah"

   Ditanya kitu Nini Rampe ngarérét ka Nyi Ageng bari katempo bingung. Rét ka ditu rét ka dieu geus kitu pok mgawalon ngawalon

   "Nimas ! Hampura da nini mah ti Gunung datang ka dieu téh teu mawa timbel-timbel acan, da biasana mah sok ngaliwet heula ari rék indit-inditan téh "

   Ngadenge caritaan si Nini para jawara arolohok deui, malahan aya nu nyeuleukeuteuk seuri sabab naon anu dijawab ku Si nini asa teu nyabung jeung pertanyaan Nyi Ageng Giriwangi.

   "Hehehehe Nini,  lain nanyakeun timbel Nyimas Tetua mah, tapi nanyakeun kumaha numutkeun Nini ngeunaan leungitna para Jawara " Ceuk Ki Soma bari nyerengeh seuri

  "Har, ari nyanéh Soma! Naha ngadon bet bogoh ka Nini ? Cik atuh ulah hareupeun balaréa nyarita kitu téh, meni teu ngaragangan kaa Kami " Si Nini teu muncereng ka Ki Soma , dédéngéana mah meureun Ki Soma téh negrakeun cinta.

   "Har, Ari nini? Hehehe nyaan kacida saliwang teh !" Ceuk Ki Soma gogodeg

   "Ambuing-ambuing ari nyanéh kunaon Som ? Cik mikir atuh maenya kami kudu kawin jeung maneh ?  Barina ogé Kami mah geus kolot pantesna ogr  jadi indung manéh " Si Nini beuki muncereng

   Ki Soma jadi  kuram-kireum teu puguh, garo-garo teu ateul bingung kumaha nyarita, nyarita kitu salah kieu salah.

Ningali kitu Ki Buyut Warok geuwat nengahan, pok nyarita ka Si Nini rampe

   "Geus ..geus tong katututuluyuan,

Kieu Nini,  kumaha numutkeun Nini lamun salira kawin jeng Si Soma?" Tanya Uyut Warok bari malik ka Si Nini

  "Ooooo.kitu ? Mun ti tatadi atuh nanya kitu teh pan ka Kami na jelas, kieu numutkeun kami mah Yut ! Sababaraha jawara anu leungit memang sabagian gedé anggota Tarate Emas, anu ngandung harti nu ngalakukeunana mémang aya sangkut pautna jeung gempungan, bisa waé éta jalma téh pernah aya masalah jeung Tarate Emas.

Aya Dua jalma anu pernah urusan jeung gempungan urang, nyaéta Si Jalasetra jeung Si Lugawa .

Tapi lamun Si Jalasetra moal mungkin sabab manéhna pan dikurung dipiser kincir cai di sagara kidul Ku Prabu Siliwangi, manéhna geus moal bisa ngencar.

Lamun anu ngalakukeunana Si Lugawa asa pamohalan ogé, sabab geus puguh manéhna geus binasa dicangkalak ku urang saréréa "

  Sanajan bari nahan kaseuri para jawara ngaregepkeun kana sakabéh caritaanana Si Nini. pananya Uyut Warok mémang teu nyambung jeung jawabanana, tapi lamun ditanya kamana mendi justru jawaban si nininyambung .Uyut warok tumanya deui

  "Hmm..kitu, Jadi Nini hayang dibéré mas kawin naon ku Si Soma?"

  "Ari kahayang Nini mah isuk pagéto urang datangan ka Talaga Warna, sabab di dinya Urang kabéh nandasa si Lugawa." Tembal Si Nini Rampe. 

  Sangges kitu Buyut warok ngarérrt ka Nyi Ageng Giriwangi

  "Nimas Tetua ! Kumaha pami nurutkeun kana pamendakna Si Nini supaya néang ka Talaga Warna pikeun ngabuktoskeun naha si Lugawa anu ngalakukeun ieu kajahatan atanapi sanés"

  "Kitu ogé saé Yut ! Sanaos asa pamohalan Si Lugawa hirup kénéh tapi pikeun ngabuktoskeun mah hayu..! Enjing urang ka Talaga Warna"  Témbal Nyi Ageng Giriwangi nyaluyuan kana pangajak Uyut Warok sangkan arindit ka Talaga Warna.

Cag

Advertisement
Pedang Bayangan Sukma | Seri Talaga Warna Bag 8