Pedang Bayangan Sukma | Seri Talaga Warna Bag 9

Pedang Bayangan Sukma

Karangan Lasmi Indri


Bag. 9

   Riungan dina waktu eta geus aya kasimpulan, sapuk mun isukna sakabeh anggahota rek muru arindit ngajugjug ka Talaga Warna, tujuana pikeun nalungtik ngeunaan Si Lugawa anu ditaksir jadi dalang tina leungitna sababaraha urang angahota Tarate Emas.

   Rengse kitu Ki Barja jeung Ki Soma marulang deui ka imahna sedengkeun para Jawara lian nganjrek meuting di Paguron Jarak Manik .

***

  Poe isukna, kira-kira wanci haneut moyan para Anggahota Tarate emas geus ngalingkung deui di bale-bale, kasampak Ki Barja jeung Ki Soma oge geus araya milu ngariung di dinya.

Meunang sawatara lila maranehna ngayakeun rembukan deui pikeun maheutkeun hasil wangkongan anu kamari. Sagala hal kamungkinan-kamungkinan dibahas. Sarengsena kitu Nyi Ageng Giriwangi anu jadi Tetua tuluy mungkas rembukan.

   "Para Anggahota sadayana! Supados teu nyangkolong teuing kana waktos ayeuna urang enggal ngabujeng wae ka Talaga warna kanggo nepungan Ki Dugala kuncen di eta talaga, urang korek sadayana warta ti manehna "

   "Mangga nimas Tetua " Meh bareng para jawara ngawalon nyaluyuan saur manuk 

   Geus kitu maranehna ka laluar ti eta paguron, satuluyna saurang-saurang ngabelelesat kebat lumpat ngajarugjug kaTalaga Warna, Nyi Ageng Giriwangi, Lodaya Geni, Simay SiTopeng Mayit, Ki Barja sarta nu liana geus jlung-jleng ngabalelesat

   Kolebat ! Jleng jleng jleng ! Wushhh...

   Sedengkeun Nini Rampe ketempo can milu nuturkeun, manehna masih ngajanteng culak-cileuk, rampang reumpeung jiga nu bingung, ki Buyut anu sarua can milu nuturkeun asa kaheranan, manehna tuluy tumanya

   "Kunaon Nini jiga nu bingung " Si Nini pok ngawalon

   "Yut ! Ningai sisig nini teu ? Duhhh..tinggaleun jigana mah di imah, lamun teu nyisig teh asa karandel biwir " Kituna teh bari uyup-ayap kana saku jubah bodasna.

  "Engke deui we soal sisig mah nini ! Ayeuna mah Hayu urang buru-buru nyusul batur heula "

   "Nya hayu atuh !"  Tembal Si Nini bari ngoloyong ngaleos, tapi ngaleosna teh lain ka arah arinditna para Jawara, tapi ngadon rek ngiclik ka arah nu lain. Ningali kitu ki Buyut langsung nongtak leungeun si nini

   "Aeh aeh, Naa ngadon ka dinya ..ari nini rek kamana ?"

  "Pan rek ka pasar, laina cik keneh ngajak ka pasar meuli sisig ?"  Tembal Si Nini bari ngalieuk

   "Ambuing-ambuing ..! Naaa ari salira nimas rampe! Lain rek kapasar Ni  apanan urang teh rek neang duda jang nini "

   "Aeh enya nya ! poho nini teh maklum geus kolot. Apanan urang teh rek ka Talaga warna tea nya hihihi ..hayu Yut ah bisi tinggaleun ku batur " Tembal Si Nini kakara nyadar .

  Geus kitu mah teu loba omong deui, sakedet netra Nyaho nyaho Si Nini rampe geus teu katembong aya di dinya. Sing horeng manehna geus ngabelesat kukacepetan kilat muru nyusul Baturna. ki Uyut Warok gogodeg nempo gerakan si Nini rampe. Bener-bener teu katuturkeun ku panon dirina, padahal manehna oge saentragan jeung si Nini Rampe. Ku kituna mah manehna kudu ngaku lamun kaluhungan Si Nini rampe masih jauh aya di saluhureun dirina. Geus kitu ki Buyut Warok ngabelesat nyusul nu sejen

***

   Singket carita para jawara Tarate Emas aranjog ka Talaga Warna. Nyi Ageng Giriwangi sarta nu liana ngajaranteng sisi talaga, pada nareuteup ka tengah talaga nu kaayaan caina ngagencalng herang saperti biasa.

  Di sabudeureun angin ngahiliwir matak genah karasana, di tengah talaga manuk nyalamberan beungeut cai, paheula-heula newakan lauk pikeun nafakahan anak anakna nu ngadarago di sayang. Nempo kitu situasi talaga memang taya anu aneh, kumaha we ilaharna talaga biasana, dikuliling rajegna kakayon sarta dipapaes ku rupa-rupa sasatoan.

  Tapi di balik eta,Talaga Warna sabenerna nyimpen rusiah. Nepi kiwari can kapecahkeun lalangse ahengna. Katambah ku sajarah Jeung kajadian-kajadian ketir dimangsa ka tukang nu masih poekeun.

  Para Jawara masih aranteng nyawang kana kaendahan Talaga Warna. Bari nareuteup anteng kedenge Nini rampe ngecewis, tuluy nyigeung Uyut Warok

   "Yut ..meni endah kieu nya talaga teh masih jiga baheula, caina meni herang kitu, pantesna teh loba impun jeung beunteur. Mangkaning karesep Nini impun mah, dipais make bumbu koneng terus dibulen ku daun cau duuh .. kacipta hihi, hanjakal teu mawa sirib ti imah panya rek ka talaga mah"

  Uyut warok ngareret ka Si Nini 

  "Ari Nini kana tuangeun wae emutanana teh, mun teu pais impun kana kulub jengkol lumpatna teh hehehe "

   "Har ari nyaneh yut ! Make jeung keukeuh rek ngajodokeun kami jeung si Soma, ti tatadi ge kula emung...,emung ka si Soma teh naha meni maksa wae !"

Si Nini mundelik

   "Haduuuh ampuun saliwang teh meni diseepkeun ku nyalira hehehehe.." Ki Buyut Warok nyerengeh bari gogodeg.

   "Puguh atuh yut, Pasti diseepkeun ku Nini pami aya pais impun mah .hihihi.."

Ka dituna Uyut Warok ukur nyenghel bari kumecrek, geus kitu duanana aranteng deui malencrong ka tengah talaga.

   Teu lila ti eta, sabot keur aranteng kitu rentang-rentang katempo aya saurang jalma ngagedig ti arah wetan, muru nyampeurkeun ka maranehna, nu araya di dinya kompak ngereret kana ringkangna eta jalma.

Saenggeus tepi hareupeun para Jawara, eta jalma anu dedegan saurang lalaki kolot rengkuh hormat.

   "Bagea para Jawara, meni asa kagunturan madu karagragan menyan bodas wireh tos kasumpingan para saderek sadayana ka ieu talaga "

   "Bagea ki Dugala" Tembal Nyi Ageng Giriwangi tuluy males rengkuh hormat. eta jalma nu ngaran Ki Dugala laju nyarita deui

   "Ke ke ke ...di sandingeun ngaraos bingah kana kasumpingan para saderek sadayana, abdi teh meni asa rareuwas ieu teh, katingalna mah jiga aya hal penting dugi ka para saderek sumping ka ieu talaga "

  "Leres Ki Dugala memang aya hal penting "  Tembal Nyi Ageng Giriwangi .

   "Hal naon tah nimas ?" Tanya Ki Dugala dibarung paroman pinuh rasa panasaran.

   Teu loba itu ieu deui derekdek we Nyi Ageng Giriwangi nyaritakeun sakabehna, ti mimiti ngeunaan leungitna para anggahota Tarate emas sarta ditambah oge ku leungitna Ki Bajil Tetua Tarate Emas.

   Nyi Ageng oge ngudalkeun pamaksudanana daratang ka dinya pikeun nalungtik ngeunaan Si Lugawa. Nu dicuriga memang katuhu ka dedengkot kajahatan nomer Wahid eta. Ki Dugala ngaregepkeun kana caritaan Nyi Ageng bari rajeun ungut -ungutan.

   "Tah kitu Ki Dugala ! pamaksudan abdi sareng nu sanes sumping ka dieu teh " Nyi Ageng mungkas caritaanana . sarengse kitu Ki Dugala nyarita

  "Janten para saderek sumping ka dieu teh bade nalungtik Si Lugawa anu kantos dibinasakeun di ieu talaga ?"

   "Leres ki Dugala, sabab harita layon Lugawa dipasrahkeun ka Salira kanggo dipulasara "

   "Nimas, Si Lugawa memang bener-bener tandasa dina waktu harita. layona oge teras dikurebkeun ku pribados di tempat teu tebih ti dieu, bilih para saderek ngaraos panasaran mangga urang tinggal wae ku sadayana kuburan Si Lugawa ayana "

   Ngadenge kitu para jawara Tarate Emas silih reret jeung nu sejena

  "Kanggo ngayaktoskeun kana binasana Si Lugawa , hayu ki !Jajap abdi ka kuburanana" Ceuk NYi Ageng

   "Sae atuh pami kitu mah hayu tuturkeun pribados " Tembal ki Dugala .

   Bral we sarerea ngalabring arindit ti dinya nuturkeun ki Dugala nuju ka kuburan Si Lugawa.

Saenggeus anjog ka hiji tempat, kabeh ngarandeg eureun, Ki Dugala nuduhkeun ka hiji gundukan taneuh anu ditetengheran batu belah sisi katuhuna .

  "Tah eta kuburan Si Ligawa teh nimas !"  Ceuk Ki Dugala

   Meh bareng sarerea malencrong ka nu dituduhkeun ku Ki Dugala.

Memang enya, Lebah nu dituduhkeun teh memang hiji makam atawa kuburan saurang jalma.

Advertisement
Pedang Bayangan Sukma | Seri Talaga Warna Bag 9